Nikahnya

Contoh Isi Undangan Pernikahan Sunda

Contoh isi teks atau kata-kata undangan pernikahan bahasa sunda

undangan online gratis Contoh Isi Undangan Pernikahan Sunda

Kata-kata undangan pernikahan

Kata-kata atau teks dalam undangan pernikahan adalah hal yang sangat penting dalam pembuatan undangan pernikahan. Ada beberapa contoh penulisan kata-kata undangan pernikahan sunda sebagai berikut:

undangan gambar murah

Mau bikin undangan online unik kayak gini?

Bikin undangan online gratis

Contoh-contoh isi undangan pernikahan sunda

Contoh isi undangan pernikahan sunda modern

Bismillahirrahmanirrahim

Assalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh
Niti wanci takdir Gusti, ninggang mangsa qodho Allah, cunduk wuku panjurung nu Maha Agung, pasini mugi ngajadi, subaya geusan laksana. Malati ligar na ati, tarate mekar na hate, mawar mangkak kembangan. Beber layar tarik jangkar, seja mungkas mangsa lalagasan, dilajeng niat suci ngawujudkeun laki rabi.

Sateuacan Walimatul al-Nikah pun anak, ARDI RUDUNI WIGUNA, A.Md, sim kuring seja neda du’a ti sadayana dina riungan nu insya Alloh bade dilaksanakan dina :

Dinten/Ping  :  Saptu, 3 Desember 2018
Waktos       :  19.30 WIB (Bada Isya)
Tempat         : Rorompok Bapa H. Nasyif [RT 03/04]

Neda nu dipihatur, mugia dina waktosna Bapa/Ibu/Saderek kersa sumping kanggo jajap du’a pamugi ginanjar kawilujengan ginuluran rahmat Alloh, kalayan aya dina karidoan manten-Na.
Dianti ku asta kalih, bagja kalingga murda, hatur sewu nuhun kana du'a sareng  kasumpinganana.
Sakitu nu kapihatur, mugia ulah kirang sihapuntenna bilih kirang tata kirang basa, jembar manah nu diteda, rumaos tuna ku elmu.

Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Bandung,  Desember 2011

Contoh isi undangan pernikahan sunda lama

Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Tatandang nu bakal midang, balebat mangsana miang, cunduk waktu nu rahayu nitih wanci mustari ninggang mangsana waluya malati ligarna ati, kembang tanjung nu gumulung pameungkeut cangreud kadeudeuh, pakait patali asih pasini rintih ngahiji subaya nyata geugeut layeut laki rabi sareng pamugi dianti-anti nyakseni Walimatul Nikah pun anak anu Insya Allah bade dilaksanakan dina :

Dinten : Senin
Ping : 7 Maret 2017
Waktos : Tabuh 09.00 WIB dugi ka rengse
Tempat : Rorompok Kp. Lamati

Mugia dina waktosna Bapa/Ibu/Saderek ngersakeun rurumpaheun sumping ka rorompok riung mungpulung ngedalkeun katresna manah sasarengan jajap du’a pamugi ginanjar kawilujengan ginuluran rakhmat Allah kalayan aya dina karidoan manten-Na.

Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Contoh isi undangan pernikahan sunda halus

Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Tatandang nu bakal midang, balebat mangsana miang, cunduk waktu nu rahayu nitih wanci mustari ninggang mangsana waluya malati ligarna ati, kembang tanjung nu gumulung pameungkeut cangreud kadeudeuh, pakait patali asih pasini rintih ngahiji subaya nyata geugeut layeut laki rabi sareng pamugi dianti-anti nyakseni Walimatul Nikah pun anak anu Insya Allah bade dilaksanakan dina :

Dinten               : Minggu

Ping                  : 7 Desember 2017

Waktos             : Tabuh 08.00 WIB dugi ka rengse

Tempat             : Rorompok, Desa Jatihalus, Tambun Utara

Mugia dina waktosna Bapa/Ibu/Saderek ngersakeun rurumpaheun sumping ka rorompok riung mungpulung ngedalkeun katresna manah sasarengan jajap du’a pamugi ginanjar kawilujengan ginuluran rakhmat Allah kalayan aya dina karidoan manten-Na.

Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh
undangan video murah

Mau bikin undangan video kece kayak gini?

Bikin undangan video gratis